Daftar Isi

Tampilkan postingan dengan label Naskah Basa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Naskah Basa Sunda. Tampilkan semua postingan

Rabu, 26 Februari 2014

Cianjur Kiwari Ceuk Kuring



Nu katelah heurin ku tangtung di lingkung gunung teh ayeuna mah lain Bandung hungkul geuning, tapi Cianjur ogé.

Sabtu, 28 September 2013

Catatan Harian Emak Rempong


Rusiah Allah
Ku : Aisha Khairunnisa
            Meuni asa wegah rek indit ka pasar téh, naha nya? Kuring kukulutus na jero haté, atuda keuheul aya wé halanagan téh, padahal mah loba jug-jugeun, loba beulieun, aya nu pesen barang kiriditan, biasa wé ari tukang kiridit mah, lumayanlah keur jajan barudak, tapi naha ku horéam rék jung téh? Kuring kalah gogoléhéan dina kasur, awak barau haseum gé diantep wé, da can mandi ti isuk, padahal wanci maju ka lohor, téréh dur bedug malah, tapi kalah es em esan wé jeung babaturan,
            ‘ di kedalaman hatiku...’ sora Ed Coustic dina hapé butut nu kuring, éta téh ringtone mun aya nu nelepon, ditingali nomerna teu wawuh, diantep sakedapan mah, sieun ah kuring trauma! Bongan sok aya waé nu sms atawa nelepon teu pupuguh, bari ngaheureuyan, jalma nu laliuer hungkul, teu peuting teu beurang, Gusti nu maha suci, na aya waé jelema nu teu uyahan téh nya, leuheung mun brownis atawa duren mah, coba ieu mah salaki batur, hayoh ngaheureyan ! dasar teu uyahan! Jelema teu boga tatakrama abong kuring ‘single parent’
            ‘di kedalaman hatiku’ kang Deden Ed Coustic nyanyi deui, euhh hapé téh hayang geura diangkat meureun, nomerna masih nu tadi, Bismillah mudah-mudahan lain jalma jahat atawa nu rek  niat ngahuereuyan,
            “Hallo!” cenah, gebeg kuring reuwas, lalaki geuning, teu waka dijawab,
            “Hallo!, Assalamu’alakum~” pokna deui, tapi kuring asa wawuh kana sora ieu, saha nya?
            “Haaloo walaikum salam!” kuring buru-buru ngajawan da bisi ngambek nu nelepon téh
            “Bu.. abdi yasir!” hah Yasir? Nu di Cianjur atawa di Bandung? Kuirng ngahuleng heula, nu di Bandung berarti pa Yasir carogena bu Warlina, mun nu di Cianjur berarti kang Yasir babaturan sa kleub nulis di FLP Cianjur
            “Abdi Ahmad Yasir” ohhh karek kuring apal ayeuna mah
            “Kumaha kang?”
            “Muhun kamari téh abdi ngiring pekanan di Masjid Agung, janji ka téh Yaumi badé ngiring kempel di bumi ibu enjing tabuh dua, mung abdi ayeuna ka musibahan!” sora kang Yasir jentré

Catatan Harian Emak Rempong


Muscab oh Muscab
Ku : Aisha Khairunnisa
Ngariung di buruan Masjid Agung, rada lalungsé sabenerna mah, horéam, komo nu hadirna éta deui éta deui mah, beuki nyaeutikan malah mah, keun wé lah da pada pada boga kasibukan séwang- séwangan meureun, ari kuring sok resep mun keur ngariung téh, salain aya tambahan élmu nulis ogé  ngajaga silaturahim bari bisnin heuheu J
“Yuk ah kumaha mun ngabahas Muscab téa?” néng Defa  the back packer girl muka wangkongan saatos bérés muka ku tilawah jeung bubuka, nu hadir saur manuk ngahaminan, aya néng Asri nu geulis camperenik, mojang Cianjur asli téa, nu ngawulnag di SMP, oge Téh Yaumi bu guru Tk, néng Najm Layla bu guru di Daarul Hasan oge aya, kuring nu pangkolotna diantara saréréa, ah teu dipake minder raga geus kolot ge tapi jiwa masih ngora kénéh asana mah, weww narsis abizz!
            “Hayu! Kumaha acarana? Dimana?” Téh Yaumi norolang
            “Kumaha mun di bumina teh Def?” usul néng Najm Layla bari imut ngagelenyu, néng Defa  ngadilak
            “Ah entong atuh ke bumi abdi runtuh!” néng Defa  teu panuju kana usul néng Najm Layla
            “Asyikk mun di bumi néng Defa  urang sakalian nyawér wé atuh!” kuring atoh moal aya, da cenah néng Defa  badé aya nu nyangcang ayeuna mah, *émangna domba J
            “Hahaha bundo aya-aya waé, saha nu bade disawér?” néng Asri ngabarakatak seuri bangun ngeunah,  kuring milu nyakakak, resep ari tos ngaheureuyan mojang téh, susuganan wé kacipratan jadi geulis deui, heuheu!
            “Euh néng Defa  , pan sakedap deui bade mungkas lalagasan!” kuring nyanyahoanan, pédah wé basa ngobrolkeun bisnis di rorompok ngobrolkeun ka raka cenah tos gaduh calon, alhmadulillahh,saha tah? Cung ah nu rumaos! :P
            “Iya gituh bun?” néng Najm Layla siga nu reuwas, sobat dalitna the backpacer girl teu apaleun
            “Héhéhéh”kuring uur ngahéhéh da ningal néng Defa  tos bareureum rarayna
            “Yuk ah abi mah wios jadi WO wé!” Téh Yaumi embung éléh
            “Naon WO téh?” néng Defa  kerung
            “Euh éta wedding organiser!” walon néng Najm Layla, cakakak kabéh sareuri teu sadar nu jaga sendal di masjid merongkeun ti kajuhan, *punten pak grup FlP mah sok riweuh waé unggal minggu,ngotoran masjid hihihi...
            “Kumaha mun di TBN?” kuring usul bari ngabayangkeun asa bangun nikmat mun ngariung dinu lega bari éndah mah, jaba geus sono pisan ka TBN téh, teu bosen  ulin ka TBN mah, loba titingalian nu aréndah, nya éndah alamna, nya éndah jelemana wik wiwww! *Emak gumeulis sedang beraksi
            “Naon TBN téh?”
            “Taman Bunga Nusantara”
            “Ohhh”
            “Sabaraha tikétna?”
            “Euh mun teu lepat mah dua puluh lima rebu”
            “Hayu atuh ah! Satuju!” néng Defa  ngagorowok bangun atoh pisan
            “Aaah teu jadi atuh ngala lauk di néng Defa  téh!” néng Najm Layla kuciwa
            “Siip lah! Ongkos PP sabarah?” Téh Yaumi kutrat kotrét
            “Cianjur Cipanas PP dua belas rebu ayeuna mah” kuring ngawang-ngawang sugan teu salah soalna BBM geus naek deui,
            “Tah urang ngadamel panitia wé atuh!” néng Asri umajak ka saréréa nu ting irihil waé
            “Tah kitu, seures ah!” néng Defa  mairan, jep nu ting irihil téh jempé, nyaan seuries ayeuna mah
            “Kumaha mun ketua na néng Asri” néng Defa  langsung nunjuk néng Asri, alhamdulillah nu ditunjuk teu kalékéd ngahayukeun waé, da saha deui teu aya sasaha
            “Bendahara mah bundo wé nya!” néng Defa  nunjuk kuring
            “Hahhh? Enya keun wé lah ké artosna ku abdi dianggé modal béas”
            “Nya sok wé asal aya batian héhéhé” Téh Yaumi mairan
            “Séksi séksi saha waé yeuh?”
            “Téh Yaumi séksi konsumsi nya” néng Najm Layla usul
            “Siip lah! Abdi siap da aya raka di Cipanas” nu ditunjuk teu hésé, satuju waé
            “MC saha?” néng Defa  kerung
            “Néng Antsa wé lah”  ceuk néng Najm Layla
            “Oke satuju?”
            “Satujuuuu!!!!”
            “Naon deui nya?” néng Defa  kerung deui
            “Séksi dokumentasi, nu baca Qur’an jeung ngadu’a, saha?”
            “Hmmmmm” kabéh ngahuleng bararingung, da anggota FLP téh seueuran ngan nu hadir pekanan ngan limaan
            “Nu maos Qur’an mah kang Yasir wé atuh” usul néng Asri
            “Okéhh!!”
            “Séksi dokuméntasi mah mang Agus Firman kumaha tah?”
            “Siip, mun ngiring nya! Da sibuk anjeunna mah, ngawulangna  tbih di Cibinong!”
            “Oké semua bérés nya!” néng Defa  nutup obrolan
“Tong hilap di ulpoad di saung nya néng Najm Layla”  nu di sebut ngaranna unggeuk
Pekanan di Masjid Agung, ahad harita di pungkas ku maca istigfar jeung hamdalah.
***