1.
Fikmin #Nu Paduduaan Di Jero Saung#
Panon
poé karasa morérét, usum halodo geus ngamimitian, kuring leumpang mapay
galengan bari rarampéolan, awak asa pasiksak balas capé digawé sapopoé, rantang
nu geus dieusian deungeun sangu ampir lésot tina cekelan, cai entéh haneut dina
téko bararahé maseuhan sendal, na asa ku horéam poé ieu mah rék nganteuran ka
sawah téh, tapi kuring karunya kanu jadi salaki pastina gé geus nungguan, reug
kuring eureun lima meter tina saung, kadéngé sora nu keur uplek ngobrol,
“Kang
iraha atuh badé ka rorompok téh?” sora awéwé, kuring apal saha nu boga sora,
“Sabar
atuh bageur, da akang gé gaduh émutan” sora salaki kuring,
“Nya
atuh tong lami teuing, ké si utun kaburu borojol” gebeg, satengah lumpat kuring
muru saung, bréh Ceu Neni keur dikeukeupan ku salaki, teu loba omong, belewer
rantang jeung téko dialungkeun kanu keur sosonoan, nu di jero saung
tingkoréjat, walahwah weuleuhweuh kabanjur cai entéh jeung sangu panas.