Daftar Isi

Sabtu, 28 September 2013

Nyunda


FIKMIN # Es krim #
Ténotét... ténotnét...t éténonénonét!!!
Sora tukang és krim, breg! barudak muru buruan,
“Mama, hoyonng és krim!” si Abang  ngagorowok meuni béntés padahal karék tilu taun
“Emahhh Emahhhh!!” si Adé pipilueun, nyalukan tukang és krim,
Barudak batur lalumpatan, sung song ngasongkeun  duit ka tukang és Krim,
Teu lila barudak batur récok di buruan, ting karétap ngalétakan és krim
Meuni bangun ni’mat, bari ting iihil aratoheun
“Mah, és krim Abang mana?” si Abang rumenghik,
Si Ade naék kana korsi, “Emahh... Emahhh!!” cenah nyalukan tukang és krim deui, nu di calukan haré-haré.
Deudeuh teuing budak yatim, kuring ngan ukur rumahuh, rumasa teu bisa mangmeulikeun.


FIKMIN #Serat Pamungkas#

“Geulis kersa jadi bojo akang?” kang Iwan naros dina seratna
Kuring terus mikir bulak-baik, nyaan asa reuwas di talék ku jajaka kasép bari soléh
Saha  nu teu kabita?
Batur mah parebut pada hayang ka kang Iwan, na ari kuring kalah mandeg mayong??
“Muhun!” akhirna kuring ngajawab seratna,
Duh eta serat pamungkas, nu mungkas lalagasan urang duaan
Duh gusti, ngan hanjakal  pondok umur, ngan ukur opat welas taun rumah tangga jeung anjeun téh!
Serat anjeun nu pamungkas ku kuring diteuteup di usapan, jadi saksi nyurucudna cipanon kuring unggal peuting.


FIKMIN # Ceukay #
Aya budak awéwé meuni atoh kabina-bina, dipangmeulikeun lejing anyar ku indungna,
Tadina mah rék nembongkeun ka bapana, sugan wé bapana muji gerentesna
Tuluy si lejing téh dipaké, gulak gilek hareupeun eunteung, nurutan model, gumeulis
“Euhh geuning kuring téh siga Syahrini!” manéhna muji sorangan
“Nyai! Eur naon éta?” bapana nanya
“Euh saé teu pak?” si nyai lalah malik nanya
“Saé naon siga ceukay!” bapana ngaléos
Si Nyai olohok mata simeuteun, kutan siga ceukay?

FIKMIN # Sakaratul Maut #
Kerejet anjeun ngerejet siga nu  reuwas padahal keur tibra, kuring milu reuwas,
“Pa, kunaon? Laa ilaaha illallohhh!” kuring ngaharewos,
Hrokk, anjeun nyegrok, ngalieuk ka katuhu, tuluy beunta sakedap,
Kuring ukur olohok,
“Laailaa ha illalohh” anjeun ngaharéwos, les taya deui sora, ngan éta nu ku anjeun dikedalkeun
Taya deui kecap “ I love You” sumawonna “ I miss You “ mah,
Mun bisa mah kuring nyarita ka Izrail, anjeun tong waka dibawa, kuring sono kénéh!

SAEMBARA # Romadon pamungkas #
“Mah, ngolek téh tong amis teuing atuh!”
“Mah, tos sabara kali khatam Qur’an?”
“Mah, tos siap mudikna?”
“Mah, tong mésér acuk waé atuh bosen!”
Naha ku bawél-bawél  teuing nya teu cara sasari, biasana gé cicingeun salaki téh!
Asa aranéh karasana,
Ayeuna kuring karék sadar, harita téh Romadon pamungkas keur anjeun mah!
Romadon ayeuna kuring nyorangan, ngan cimata nu maturan katrésna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar