Daftar Isi

Sabtu, 28 September 2013

Catatan Harian Emak Rempong


Muscab oh Muscab
Ku : Aisha Khairunnisa
Ngariung di buruan Masjid Agung, rada lalungsé sabenerna mah, horéam, komo nu hadirna éta deui éta deui mah, beuki nyaeutikan malah mah, keun wé lah da pada pada boga kasibukan séwang- séwangan meureun, ari kuring sok resep mun keur ngariung téh, salain aya tambahan élmu nulis ogé  ngajaga silaturahim bari bisnin heuheu J
“Yuk ah kumaha mun ngabahas Muscab téa?” néng Defa  the back packer girl muka wangkongan saatos bérés muka ku tilawah jeung bubuka, nu hadir saur manuk ngahaminan, aya néng Asri nu geulis camperenik, mojang Cianjur asli téa, nu ngawulnag di SMP, oge Téh Yaumi bu guru Tk, néng Najm Layla bu guru di Daarul Hasan oge aya, kuring nu pangkolotna diantara saréréa, ah teu dipake minder raga geus kolot ge tapi jiwa masih ngora kénéh asana mah, weww narsis abizz!
            “Hayu! Kumaha acarana? Dimana?” Téh Yaumi norolang
            “Kumaha mun di bumina teh Def?” usul néng Najm Layla bari imut ngagelenyu, néng Defa  ngadilak
            “Ah entong atuh ke bumi abdi runtuh!” néng Defa  teu panuju kana usul néng Najm Layla
            “Asyikk mun di bumi néng Defa  urang sakalian nyawér wé atuh!” kuring atoh moal aya, da cenah néng Defa  badé aya nu nyangcang ayeuna mah, *émangna domba J
            “Hahaha bundo aya-aya waé, saha nu bade disawér?” néng Asri ngabarakatak seuri bangun ngeunah,  kuring milu nyakakak, resep ari tos ngaheureuyan mojang téh, susuganan wé kacipratan jadi geulis deui, heuheu!
            “Euh néng Defa  , pan sakedap deui bade mungkas lalagasan!” kuring nyanyahoanan, pédah wé basa ngobrolkeun bisnis di rorompok ngobrolkeun ka raka cenah tos gaduh calon, alhmadulillahh,saha tah? Cung ah nu rumaos! :P
            “Iya gituh bun?” néng Najm Layla siga nu reuwas, sobat dalitna the backpacer girl teu apaleun
            “Héhéhéh”kuring uur ngahéhéh da ningal néng Defa  tos bareureum rarayna
            “Yuk ah abi mah wios jadi WO wé!” Téh Yaumi embung éléh
            “Naon WO téh?” néng Defa  kerung
            “Euh éta wedding organiser!” walon néng Najm Layla, cakakak kabéh sareuri teu sadar nu jaga sendal di masjid merongkeun ti kajuhan, *punten pak grup FlP mah sok riweuh waé unggal minggu,ngotoran masjid hihihi...
            “Kumaha mun di TBN?” kuring usul bari ngabayangkeun asa bangun nikmat mun ngariung dinu lega bari éndah mah, jaba geus sono pisan ka TBN téh, teu bosen  ulin ka TBN mah, loba titingalian nu aréndah, nya éndah alamna, nya éndah jelemana wik wiwww! *Emak gumeulis sedang beraksi
            “Naon TBN téh?”
            “Taman Bunga Nusantara”
            “Ohhh”
            “Sabaraha tikétna?”
            “Euh mun teu lepat mah dua puluh lima rebu”
            “Hayu atuh ah! Satuju!” néng Defa  ngagorowok bangun atoh pisan
            “Aaah teu jadi atuh ngala lauk di néng Defa  téh!” néng Najm Layla kuciwa
            “Siip lah! Ongkos PP sabarah?” Téh Yaumi kutrat kotrét
            “Cianjur Cipanas PP dua belas rebu ayeuna mah” kuring ngawang-ngawang sugan teu salah soalna BBM geus naek deui,
            “Tah urang ngadamel panitia wé atuh!” néng Asri umajak ka saréréa nu ting irihil waé
            “Tah kitu, seures ah!” néng Defa  mairan, jep nu ting irihil téh jempé, nyaan seuries ayeuna mah
            “Kumaha mun ketua na néng Asri” néng Defa  langsung nunjuk néng Asri, alhamdulillah nu ditunjuk teu kalékéd ngahayukeun waé, da saha deui teu aya sasaha
            “Bendahara mah bundo wé nya!” néng Defa  nunjuk kuring
            “Hahhh? Enya keun wé lah ké artosna ku abdi dianggé modal béas”
            “Nya sok wé asal aya batian héhéhé” Téh Yaumi mairan
            “Séksi séksi saha waé yeuh?”
            “Téh Yaumi séksi konsumsi nya” néng Najm Layla usul
            “Siip lah! Abdi siap da aya raka di Cipanas” nu ditunjuk teu hésé, satuju waé
            “MC saha?” néng Defa  kerung
            “Néng Antsa wé lah”  ceuk néng Najm Layla
            “Oke satuju?”
            “Satujuuuu!!!!”
            “Naon deui nya?” néng Defa  kerung deui
            “Séksi dokumentasi, nu baca Qur’an jeung ngadu’a, saha?”
            “Hmmmmm” kabéh ngahuleng bararingung, da anggota FLP téh seueuran ngan nu hadir pekanan ngan limaan
            “Nu maos Qur’an mah kang Yasir wé atuh” usul néng Asri
            “Okéhh!!”
            “Séksi dokuméntasi mah mang Agus Firman kumaha tah?”
            “Siip, mun ngiring nya! Da sibuk anjeunna mah, ngawulangna  tbih di Cibinong!”
            “Oké semua bérés nya!” néng Defa  nutup obrolan
“Tong hilap di ulpoad di saung nya néng Najm Layla”  nu di sebut ngaranna unggeuk
Pekanan di Masjid Agung, ahad harita di pungkas ku maca istigfar jeung hamdalah.
***
Acara pamilihan ketua FLP Cianjur nu geus dijadwalkeun ti anggalna akhirna bisa kalaksanakeun, poé Kemis tanggal opat bulan Juli dua rebu tiluwelas,
Kuring saangkot jeung kang Yasir nu naék ti Ramayana, nu sanésna janjian di Asten jam genep isuk-isuk, tirs-tiris gé wayahna wé kuring mah komo bari ngagémbol ‘trio unyu’ nu riweuh da hayang jarajan waé , teu kaop ningali warung, jaba ngagémbol tas badag da badé ngéndong di uwana barudak, tapi haté asa ku bungah sabab hayang pisan ulin ka TBN téh, kasawang deui lalampahan kuring jeung almarhum baheula, basa pasini janji rek silih mika asih karana Allah, hmmmm!! *buka rusiah.com
Turun tina angkot, ngécagkeun si ade nu beurat, tuluy mapay nu can malayar iuran
“Lima puluh! lima puluh!’ kuring langsung nodong nu can mayar, kacuali nu kana motor dipotong lima belas rébu jadi ti puluh lima rébu wéh,  kuring gegebegan sieun teu cukup ongkos sakitu jaman ayeuna, kamari tos és ém ésan jeung Téh Yaumi salaku séksi konsumsi, ngobrolkeun hahargaan keur konsumsi nu nérékél kacida jauhna, nu biasana bisa sapuuh rébu sabungkus sangu jeung lauk paukna ayeuna mah leuwih ti sakitu, tapi tos dianggarkeun keur konsmsi téh sapuuh rébu, halahhh katempuhan yeuh bendahara! L, jaba ongkos angkot tacan apal sabaraha-sabarahana, ahh pokona mah ayeuna mah hayang geura jung wéh ka TBN kumaha engké we soal duit mah urusan pandeuri tenang wé da aya  néng Najm Layla,sareng néng Defa  héhéhé, pokona mah hayang geura jung wéh!
“Mang Agus punten pangmilariankeun angkot!” punten nya kuring wawantunan miwarang mang Agus Firman, *ssssttt engke mah mun tepang jeung mang Agus Firman kedah nginggris nya! Sugan we jadi bule ngadadak! Hihi
“Mangga bu! Tipayun sabaraha ongkosna?”
“Tipayun mah salapan puluh sauihan duka tah ayeuna mah”
“Ohh muhun! Bieu teh nawiskeun saratus wé, kumaha tah?”
“Hayu lah!” kuring nyanyahoanan deui, da cicis asa munel dina saku padahal mah can di itung, heueh bahaya mun jadi bendahara FLP téh! Matak bangkrut ku ema-ema mah! :p
“Hayuuuuu!!” mang Agus ngagorowok ngajak naék angkot nu tos siap ngangkut penumpang ka TBN langsung ti Cianjur,
Sapanjang jalan néng Nisa mah ceuceulekeuteukan wé ngaheureuyan barudak, nu sanésna éak-éakan ngahereuyan néng Nisa, hmm teu kolot teu budak saruana tukang hareureuy, parebut snack sagala, mang Agus sibuk jeprat jeprét motoan, di jalan teh Holisoh naék janten beuki pinuh angkot teh, tapi untungna barudak mah enjoy wé, kabawakeun ku néng Nisa meureun, nu ti tatadi asa dina kapal pesiar sigana téh, da santai wé katingalna téh, néng Defa  serieus ngobrol jeung néng Najm Layla, néng Asri jeung Téh Yaumi, néng Nisa jeung téh Holisosh, Mang Agus nundutan, cép Rio sareng kang Yasir di payun maturan supir, kuirng mah ngalamun we bari degdegan sieun si adé ngadat di tengah jalan, matak rék ditipkeun di uwana tos kabayang mun ngagembol si adé bari kukurilngan di TBN téh, halahh matak potong cangkéng, can ké téh hayang ngorék cai di dituna gé siga kapungkur basa jeung uwna meuni motah asa di ulangtaunkeun.
“Alhamdulilah tos dugi!” ceuk saréréa ampir bareng, TBN katingal lénglang kénéh, turis mancanegara tacan katingali, karek aya turis lokal ti Cianjur we rombongan FLP nu pangrajinna énjing-énjing tos dugi ka TBN, heuheu!.
“Hayu! Saha nu badé berpose?” néng Najm Layla ngajak
“Sadayan atuh méh saé” saur mang Agus
“Yuuukkk ngumpul payuneun soang!” ajak néng Defa  , nu sanésna narurut, néangan pose anu pas payuneun patung soang téa,
“Aahh barudak gé alim kakantun, hoyong narsis siga emana! kuring ngaharéwos, ningal barudak bangun aratoheun difhoto babarengan,
“Siap-siap cissss!!!”
“Satu dua tiiiigaaa!” nu moto ting jaleprét, *hilap deui kumaha sora kaméra téh hihihi
“Tos ah hayu ngumpul di payuneun tikét!” ajak néng Defa  bu ketua nu badé léngsér, anjeuna alimeun janten ketua deui da sibuk bade diwisuda sareng diwisudi téa meureun! * Ema-ema nyanyahoanan deui waé yeuh! J
“Sok caralik heula!”
“bundo! Hayu urang badaten! Teh defa nhajak kuring mayar tiket, kurng mah pede we padahal duka sabarah tiket teh hargana mah, ah kumaha engke we ceuk kuring na jero hate, mun tu cekap artosna mah kantun nagihan deui heuheu!
“kumaha?”
“dua puluh lima ebu surang bun”
“heuh mun sadayan dalapan welas urang jadi sabaraha nya?” kuring kerung
“ke sakedap abdi nlepon heula mbah Sinyo!” teh defa ngaluarkeun hapena
Teu lami teh defa ngajak ka bagian informasi mendakan duka saha teu apal, ehh geuning teu kungsi lila, 0pangurus TBN teh langsung someah, tokcer tah mbah Sinyo teh! Hhehe
“silahkan bu, bayar Cuma lima puluh ersen!” haahhh? Alhamdulillah! Geuning
“ahh alohamdulillah kang Sinyo dah mau bantu “gerendeng teh defa kurng olohok teu ngarti
“let’s goooo!!!” teh defa ngjaka ka sadayna baris payuneun enjaga tiket, terus lebet ka TBN
Saatos kukurilingan sakedap, teh defa mingpin anggota lebet ka ttaman jepang, asa di jeangna teh ngan teu aya kembang sakura we, resep matak betah, mata genah tamninah mun gaduh taman sifga itu, komo aya bal9ng pinuh ku lauklapar ah, ranyong di bere parab teh, resep moal aya komo barudak mah, balakecrakan miceunan dahareun ka lauk, keun we lah etang0etang pangalman keur maranehna mah, nu enting mah heppi wehhh!
Acara Muscab dibuka ku Mc neng antsa, teras kang yasir tilawah, diteraskeun ku acara sejenna laporan-laporanti pj masing2, kuring teu kaop ge diuk, si abng ngaganggu wae hayang itu hayang ieu, padahl aya tetehna, heuhh kieu yeuh ari emak-emak rembeuy bidak mah, wayahna wee!
 Saatos badabten sadayna, da calon ketua mung aya duaan, teh najm sareng teh nisa janten pamilihannana ku sistim syuro, atawa musyaarah tea, ngan teh najm sareng teh nisa mah tudiajak badanten, pan arahisa tea, sadayj nu hadir dipiwarang milih saha ketua nu pagodos sareng manah masing-masing, teras ngungkapkeun alesanana, sapuk sadayana milih teh najm, to srengse syuro mah istitahat heula sadayan bari sholat lohor berjamaah dimushola nu aya id TBN
Alhamdulillah emam meuni nikmat naker dugika hese eureun, da eta lapar ongkoh jaba hujan ngaririncik, batur mah ngariung maisng-masing gender, nu ‘jalu’ ngariung caket balong, nu ‘bikang’ nagriung caket kembang, ehhh nu tos buntutan mah ngariung handapeun saung, halahhh siga ka sato wae nya wewww!
Tos rengse ISOMa, istirahat, sholat, makan, sadayan ngmepel deui, nambihan ayeuna mah da aya tamu di FLP Jabar, duaaan, ditambihan hiji pak Dokter nu nyempeteun ngirng kempel padahal nuju tugas di Cimacan, hatur nuhun ka Pak Dokter sareng akang-kanag ti FLP Jabar!
Prung wehh acara keputusan panitia muscab di umumkeun, yen nu kapilih janten ketua teh nyaeta teh najm, alhamdulillah sadayan anuju, teras serah terima jabatan ti teh defa ka teh najm, disaksenan ku balarea, teras di pasiha wejangan ku akang2 ti FLP jabar, alhamdulillah nambihan elmu panagweruh.
Acara diajeungkeun ku games, niupbalon di dugika eupeut di Taman angsa, dur dor rame nu niup balon ting jaledor, ptari-tarik niup, paheula-heula meupeuskeun, barudak milu eak-eakan, milu parebut balon, kurng bagean ningalikeun we ah teu wasa niupbalon nepika peupeus mah hehehe J,  rengse niup balon, acara dilajengkeun deui ku games di tempat nu sejenna, rencan awal mah aya games pantomim di taman air menari tapi nuju dilereskeun tepatna, diteraskeun ka tamn nu sanesna sareng menara, ahh janhakal masih keneh hujan, nya antukna mah nalarsis weh di payuneun  gapura Bali, jepret jepret jepret!
“yuk urang uih!” kuring geus teu kuat katirisan, hawa TBN mah raos mun enjing2 haneut kapoyanan bari ngahiliwir seungit kembang, ari sonten  bari hujan mah asa kumahha kitu tah, tiris nyev=cep pisan komo mun teu dijaketan nya!
“hayu pan jangjin asi sopir nagjemput jam tilu” mang agus ngemutan
‘nya tuh yuk ah uih karunya abina tuh!” teh yaumi hariweusweus
Teh asri, teh najm, teh nisa, teh defa, teh ansta mah baretageun keneh, komo ara bujangers mah, hoyng kukurlingan keneh ningal kembang nu gareulis, hmmm! Katingal da tina rindat sareng gelenyuna ge, haldeuwww! Ari emak-emak mah sok apaleun wae lah, awas hati-hati ada spionase!
Barua ting aracleng lalumpatan silih udag hoyong geura uih meureun komo neng yaumi mah aya nu ngantosan di bumina, kuirng mah da bade mondo di bumi raka we, meh teu cape teuing uah uih ka Cianjur, jaba sono ka raka deuih tos lami teu mondok, hujan masih ngaririncik, maturan nu laleumpang kaluar TBN, asa rasa bagja jeung sedih awor jadi hiji, bagja pedah acara muscab lancar, sedih sieun teu pendak deui jeung TBN, nu tos jandi saksi janji pasinina abdi jeung bapana barudak tujuh wela staun katikang   hik hik hik
Ca ah, cangkeul! Hatur nuhun ka sadayana!
Catatan perjalanan eamak rempong bagian 4
NB: trims keada temanteman yang telah mensukseskan acara Muscab

Tidak ada komentar:

Posting Komentar