Rusiah Allah
Ku : Aisha Khairunnisa
Meuni
asa wegah rek indit ka pasar téh, naha nya? Kuring kukulutus na jero haté,
atuda keuheul aya wé halanagan téh, padahal mah loba jug-jugeun, loba beulieun,
aya nu pesen barang kiriditan, biasa wé ari tukang kiridit mah, lumayanlah keur
jajan barudak, tapi naha ku horéam rék jung téh? Kuring kalah gogoléhéan dina
kasur, awak barau haseum gé diantep wé, da can mandi ti isuk, padahal wanci
maju ka lohor, téréh dur bedug malah, tapi kalah es em esan wé jeung babaturan,
‘ di kedalaman hatiku...’ sora Ed
Coustic dina hapé butut nu kuring, éta téh ringtone
mun aya nu nelepon, ditingali nomerna teu wawuh, diantep sakedapan mah, sieun
ah kuring trauma! Bongan sok aya waé nu sms atawa nelepon teu pupuguh, bari
ngaheureuyan, jalma nu laliuer hungkul, teu peuting teu beurang, Gusti nu maha suci,
na aya waé jelema nu teu uyahan téh nya, leuheung mun brownis atawa duren mah,
coba ieu mah salaki batur, hayoh ngaheureyan ! dasar teu uyahan! Jelema teu boga
tatakrama abong kuring ‘single parent’
‘di kedalaman hatiku’ kang Deden Ed
Coustic nyanyi deui, euhh hapé téh hayang geura diangkat meureun, nomerna masih
nu tadi, Bismillah mudah-mudahan lain jalma jahat atawa nu rek niat ngahuereuyan,
“Hallo!”
cenah, gebeg kuring reuwas, lalaki geuning, teu waka dijawab,
“Hallo!,
Assalamu’alakum~” pokna deui, tapi kuring asa wawuh kana sora ieu, saha nya?
“Haaloo
walaikum salam!” kuring buru-buru ngajawan da bisi ngambek nu nelepon téh
“Bu..
abdi yasir!” hah Yasir? Nu di Cianjur atawa di Bandung? Kuirng ngahuleng heula,
nu di Bandung berarti pa Yasir carogena bu Warlina, mun nu di Cianjur berarti
kang Yasir babaturan sa kleub nulis di FLP Cianjur
“Abdi
Ahmad Yasir” ohhh karek kuring apal ayeuna mah
“Kumaha
kang?”
“Muhun
kamari téh abdi ngiring pekanan di Masjid Agung, janji ka téh Yaumi badé ngiring
kempel di bumi ibu enjing tabuh dua, mung abdi ayeuna ka musibahan!” sora kang
Yasir jentré
“Kunaon
kang?” kuring kerung panasaran
“Pun
biang ngantunkeun bu!’ jawabna alon
“Innalillahi
wainna ilaihi roojiun, hapunten atuh kang abdi teu tiasa ngalayad!”
“Wios
bu, kitu we nya!”
“Mangga!
Wios kang insha Allah badé didugikeun ka téh Yaumi”
“Asslamu’alaikum”
kang yasir nutup obrolan
“Wa’alaikum salam!” teu diengkékeun
deui, kuring buru-buru nga és ém és babaturan Flp nu aya monerna dina hape
kuring, hiji SMS dibagikeun ka salapan urang,
Teu
lila ting torojol nu ngabales SMS
Pangheulana Om Hade
Om Hade : innalillahi wainnailaihi roojiun. Iraha atuh bade ngalayad
na?
Kuring : duka tah kumaha saena we abdi mah ngiringan
Om hade : hayu atuh pami badé urang sasarengan
Torojol deui ti téh Yaumi
Téh Yaumi : innalilahi , kumaha bu badé ngalayad?
Kuring : hayu waé ngiringan abdi mah
Teh yaumi : kumaha pami tos lohor atuh?
Kuring : hayu waé atuh, kana angkot nya méh caket ké antosan di
bumi abdi atuh
Tuluy téh Asri,
Téh Asri : innalilahi, pami badé ngalayad sareng nya!
Kuring :mangga insha Allah, téh Yaumi ngajakan tos lohor
Téh Asri : hayu waé abdi mah, ké urang sms heula téh Yaumi na
Kuring : siipp J
Torojol deui ti kang Aris
Kang Aris : innalillahi wa inna ilahi roo ji’un, punten téh nembe kabuka,
abdi ti Bandungna sonten kamari téh, ieu mukena tos pajeng,
( heuheu kang Aris mah teu
nyambung atuh! :P :P)
Kuring : muhun, alhamdulilah hatur nuhun uninga bumi kang Yasir
teu?
Kang aris : di pengkereun toko Ekaria bu!
Kuring : hhh caket atuh éta mah caket Ramayana nya?!
Kang aris : muhun bu! J
Téh Dewi nembé ngabales da sibuk
di padamelanana
Dewi : bu kumaha badé ngalayad? Abdi mah nuju damel moal
ngiring
Kuring ; muhun wios wé
Dewi : salam wé nya ka kang Yasir
Kuring : ok J
SMS teu eureun-eureun
Teh yaumi : bu Om Hade ngajakkan sareng anjeunna badé nyandak mobil
Kuring : Alahamdulillah atuh, ngiring wé yuk!
Teh yaumi : siip lah méh teu kedah gentos angkot nya!
Kuring : siip!
Om Hade norojol deui
Om Hade : téh saya siap bawa mobil kita bareng aja ya!
Kuring “ siip om! J
Om Hade : janjian dimana?
Kuring : maunya di rumah saya aja om
Om Hade : dimana alamatna?
Kuring : bla bla bla ... ngajelaskeun alamat kuring J
Om hade : ah teu apal, di tempat nu apal we atuh!
Kuring : oke di BCA tiasa teu? Atawa di CIMB?
Om Hade : di CIMB wé nya
Kuring : ok siipp, abis duhur nya!
Om hade : siipp
Akhirna mah sapuk wéh, kuring,
téh Yaumi, téh Asri jeung om Hade, opatan ka bumina kang Yasir, bari jeung teu
apal tempatna, da sugan téh nu di gang Atik we, euhh sihoréng di Marwiati
geuning!
Di sapanjanag jalan, aya deui nu
ngiring téh, téh Defa jeung téh Nira, jadi wéh pinuh mobil téh, Alhamdulillah,
teu keueung teuing, komo aya the bacpaker
girl mah, néng Defa, moal nyasar sugan!
“Hallo
kang Yasir! Dimana alamat jelasna?’ kuring panasaran, da ari ka Taman Bunga Nusantara
mah sok remen ulin ti bahuela gé, jaba aya lanceuk di dinya, tapi ari daerah Mariwati
mah teu apal
“Tétéh,
teras wé ti Taman Bunga téh, bélok
kanan, ka pasar Mariwati keun, belok kanan deui” kang yasir ngajelaskeun,
anggger kuring teu apal,
Sapanjang
jalan haté mah norowéco sieun teu kapendak alamatna, najan diteger-teger gé,
jaba wanci maju ka poék,
Teh
Defa jeung nu lianna ngobrolkeun masalah Muscab téa, kuring ngan ukur mairan,
haté tetep teu tenang,
“Pokona
mah Muscab téh kudu suksés najan basajan gé nya!” ceuk téh Defa
“Iya
lah siip, mun teu voting ge syuro wé atuh” usul téh Yaumi, kuring ngan ukur
kerung teu ngarti, asal milu wéh pokona mah J
“Nya
atuh ulah aya Muscab wé ari badé Syuro mah” téh Asri protés
Téh Nira ukur unggeuk,
“Nya
atuh Muscab nya sekarang aja wé!” om Hade malah lain deui
“Naha
Om?” nu lain pada kerung
“Kan
kita sekarang téh mau ke Taman Bunga Nusantara sekalian aja Muscab” heheh om
Hade seuri, kuring gé milu seuri, nu lianna sarua da maenya aya Muscab ngadadak
kieu
Sanggeus
nepika Cibadak, kuring jeung téh Yaumi neleponan kang Yasir, sieun nyasar
pangpangna mah, anggeur nyebatkeun sakedap deui, hehehe rada plong haté téh ayeuna
mah,
Hareupeun
Taman Bunga Nusantara téh Defa mandeg mayong ongkoh hoyong nyungkeun informasi ti Taman Bunga, tapi
sieun kaburitan di jalan, ké wé cenah tos uih ti bumi kang Yasir, ceuk
nulainna, teh Defa nurut
Kamana
deui yeuh? Saréréa bingung, da jalan mulai rada nyempitan jeung teu mulus siga
nu tadi, om Hade ngajalankeun mobil rada laun, bari terus nu lainna neleponan
kang Yasir, sinyal mulai lup lep, kadang aya kadang henteu, saréréa sami teu
aya sinyal dina hapéna, ah bismillah wé ieu mah, bari tataros ka nu aya di
jalan, aya wéh nu nunjukkeun tebih kénéh cenah ka Sela Gombong mah, euleuh
euleuh asa di ujung dunia téa atuh ieu mah, jaba ngaliwatan rungkun jeung kebon
paroek, untungna barudak talibra, asa dimana ieu téh? Padahal masih kénéh
Cianjur kasebutna, mudah-mudahan teu nyasar nya! Can di Dubai Ceu! Kuring
ngupahan maneh na jero haté J
Bray
aya caang deui, da geus pasanggrok jeung pasar Mariwati téa, masih kénéh culang
cileung, om Hade nu ti tadi nyupiram rada ngahuleng soalna jalan beuki leutik,
sieun mobil teu bisa asup,
“Kang
kumaha tebih kénéh? Tos dugi ka pasar yeuh?” kuring buru-buru nelepon kang Yasir
“Tebih
bu!”
“Waduhh
kumaha mun mapah kadinya tiasa?” kuring nanya da sieun mobil teu bisa asup
“wahh
mapah mah, sajam bu! Mosil ge lebet ngan jalanna awon!” kang Yasir ngajelaskeun
“Kumaha
bu ibu? Badé mapah waé?” om Hade rada merod
“Wahh
mapah mah sajam Om!” kuring ngajelaskeun padahal mah sieun mun mapah téh teu
kabayang mun si Abang hayang diakod jaba beuratma ge lima belas kilo, kajeun
ngojég wé kuring mah
“Ahh
masuk meureun Om!” nulain mairan sarieun mun dititah mapah mah teu kabayang
atuh jauhna ari sajam mah
“hayu
atuh bismillah!” si Om majukeun deui mobilna, kabayang téh tos cakeut bumi kang
Yasir téh, sihoréng???? L
“Wahh
tebih kénéh atuh Néng!” ceuk tukang warung
“Kumaha
atuh, lanjut saja?” kuring menta penadapat nu lainna
“Hayu
lah sugan wé aya kang Yasir di payunna!”
Mobil maju deui, bari ngaroblor
ningali alam nu éndah kabina bina, langit bulao kasebrot panon poe soré, layung
tea meureun disebutna téh, jaba teu aya hujan, jadi jalanna teu laleueuer,
kebon dimana-mana, awan ge meuni bodas nyacas siga kapas, tapi haté tetep galécok
sieun aya nanaon di jalanna. Bari terus biwir mah babacaan, muntang kanu kawasa,
Singgetna
mah nepi wéh kanu dituju, kang Yasir tos ngantosan payuneun bumi rakana, tos
sasalaman teras ka bumina, Alhamdulillah dugi ogé, jaba éndahna alam Cianjur
meuni atra katénjo, da ayana di mumunggang téa, jaba Cirata meuni ngeplak bodas
ti kajauhan katojo panon poe nu rék balik ninggalkeeun éndahna alam Cianjur,
beu! resep geuning di Mariwati téh, paré keur meujeuhna rampak kembangan, nu
aya dina uteuk kuring mah, béas murah wéhh hehehe, dasar otak bisnis! :P
“Hayu
ah tos sonten!” kuring hayang geura balik soalna ninggalkeun nu keur nyusu kénéh,
“Hayu!”
téh Defa mairan, nu lainna unggeuk satuju, padahal mah betah kénéh, Om Hade gé
meuni pok deui pok deui ngajak difhoto, ah dasar lain milik, hapé kuring mah
kamérana jadul, hapé téh Yaumi lowbat
cenah, ah untung aya teh Asri, lumayan difhoto payuneun masjid heula, dua kali
jeprét siip lah!
“Hayu
ah!”kuring maksa gegebegan da sieun burit teuing, pangpangna mah di jalanna mulai
poék, karunya ka supir teu aya nu ngagentosan, euh atuh emak-emak téh engké mah
wajib diajar nyetir geura J karunya pak supir teu aya nu ngagentos padahal
tos capéeun bari luut léét késang, kuring diuk di hareup, haté mah teu paruguh
da bisi aya nu bendu, akhirna tos ngarayu téh Yaumi jeung téh Defa
alhamdulillah kersa caralik di payun, beuteung ngerebek menta dieusian, da bongan
ti lohor tacan kaeuisan nanaon
“Hmmm
sigana Mobil haus yeuh! Om Hade mancing
“Pa
supir juga!” kuring mairan
“Hayu
lah, siap!” téh Yaumi ngajakan ngabaso jeung martabak
“Asiikk
martabak jeung baso yeuh!” Om Hade atoh, komo kuring da kabeuki kana baso jeung
martabak téh
“Kita
mah ikutan ajah kumaha emak-emak wéééhhh!!” téh Defa ngawakilan para gadis nu
calik di pengker
“Ahh
nu penting salamet, sholat maghrib wéh!” ceuk téh Yanmi
“hmmmm”
“Ahh naon wé nu
penting mah wareg jeung halal!”
“okééhh” kabéh sapuk, saluyu!
Ba’da sholat maghrib di Masjid
Rindu Alam, biur mobil muru Cianjur nu tos poék, kaéndahan alamna teu katingal deui,
ngan ting kariceup ting gurilap lampu wé sajajalan téh
“Euh
teu nyangka nya, urang bakal jalan-jalan babarengan bari ngadadak kieu!” ceuk kuring
“Iya!
Ieu rusiah Allah, pasti aya hikmahna” Om Hade mairan
“Pan
éta ibuna kang Yasir ngantunkeun gé rusiah Allah, jaba ngadadak teu aya nu
apaleun, pan badé masak sanés?” téh Defa ngajelaskeun,
“Meuni
asa ngimpi, jaba abdi mah ti énjing kaluar ti bumi téh, aduh boa si Mamah ngambek
nya!” téh Yaumi bangun nu bingung sieun
diseuseulan ku ibu mertua meureun, téh Asri jeung téh Nira mah jempling wé
bangun tos narundutan, éta wé teu kecét-kecét, duka ngarémutan naon tah, sigana
mah ngémutan ‘sang kekasih’ atawa sidang meureun, atawa ngemutan KUA? Hehehe
pisssss!!
Alhamdulillah tos
dugi ka Hypermart, wareg deuih da dieusian baso samangkok, teras nganteurkeun
heula téh Yaumi nu sieun dipolototan ibu mertua na, hehehe! Teras néng Asri
sareng néng Nira nu bobona di kandang sapi, hahaha! Komo teh Defa mah di
kandang macan cenah, ahhh antukna mah dugika rorompok deui, bari sieun
dipolototan Abah tercinta bonganna
ninggalkeun si Adé, hampura Dé! Mamah téh hoyong jalan-jalan!
Tah ieu téh rusiah
Allah disebatna, nu teu apal-apal badé jalan-jalan ka Mariwati, padahal teu
direncanakeun!
Cag ah!
*Catatan :
1, hapunteun ka réréncanga n nu
namina diserat dina seratan ieu
2, ieu mah mung sakadar seratan
bilih aya nu lepat tong maledog nya sing karunya ka emak-emak! J
3, iraha badé jalan-jalan deui???
4, diantos kripik seuhah na méh seratan kuring layak terbit, piiisss ahhh!
Catatan perjalanan Emak Rempong
bagian 3
Cianjur, 1 Juli 2013
Nineung lalakon katukang.
BalasHapusHatur nuhun, Bunda.