1.
Fikmin #Nu Paduduaan Di Jero Saung#
Panon
poé karasa morérét, usum halodo geus ngamimitian, kuring leumpang mapay
galengan bari rarampéolan, awak asa pasiksak balas capé digawé sapopoé, rantang
nu geus dieusian deungeun sangu ampir lésot tina cekelan, cai entéh haneut dina
téko bararahé maseuhan sendal, na asa ku horéam poé ieu mah rék nganteuran ka
sawah téh, tapi kuring karunya kanu jadi salaki pastina gé geus nungguan, reug
kuring eureun lima meter tina saung, kadéngé sora nu keur uplek ngobrol,
“Kang
iraha atuh badé ka rorompok téh?” sora awéwé, kuring apal saha nu boga sora,
“Sabar
atuh bageur, da akang gé gaduh émutan” sora salaki kuring,
“Nya
atuh tong lami teuing, ké si utun kaburu borojol” gebeg, satengah lumpat kuring
muru saung, bréh Ceu Neni keur dikeukeupan ku salaki, teu loba omong, belewer
rantang jeung téko dialungkeun kanu keur sosonoan, nu di jero saung
tingkoréjat, walahwah weuleuhweuh kabanjur cai entéh jeung sangu panas.
2.
FIKMIN # Es krim #
Ténotét... ténotnét...t
éténonénonét!!!
Sora tukang és krim,
breg! barudak muru buruan,
“Mama, hoyonng és
krim!” si Abang ngagorowok meuni béntés
padahal karék tilu taun
“Emahhh Emahhhh!!” si
Adé pipilueun, nyalukan tukang és krim,
Barudak batur
lalumpatan, sung song ngasongkeun duit
ka tukang és Krim,
Teu lila barudak batur
récok di buruan, ting karétap ngalétakan és krim
Meuni bangun ni’mat,
bari ting iihil aratoheun
“Mah, és krim Abang
mana?” si Abang rumenghik,
Si Ade naék kana korsi,
“Emahh... Emahhh!!” cenah nyalukan tukang és krim deui, nu di calukan
haré-haré.
Deudeuh teuing budak
yatim, kuring ngan ukur rumahuh, rumasa teu bisa mangmeulikeun.
3.
FIKMIN #Serat Pamungkas#
“Geulis kersa jadi bojo
akang?” kang Iwan naros dina seratna
Kuring terus mikir
bulak-baik, nyaan asa reuwas di talék ku jajaka kasép bari soléh
Saha nu teu kabita?
Batur mah parebut pada
hayang ka kang Iwan, na ari kuring kalah mandeg mayong??
“Muhun!” akhirna kuring
ngajawab seratna,
Duh eta serat
pamungkas, nu mungkas lalagasan urang duaan
Duh gusti, ngan hanjakal pondok umur, ngan ukur opat welas taun rumah
tangga jeung anjeun téh!
Serat anjeun nu
pamungkas ku kuring diteuteup di usapan, jadi saksi nyurucudna cipanon kuring
unggal peuting.
4.
FIKMIN # Ceukay #
Aya budak awéwé meuni
atoh kabina-bina, dipangmeulikeun lejing anyar ku indungna,
Tadina mah rék
nembongkeun ka bapana, sugan wé bapana muji gerentesna
Tuluy si lejing téh
dipaké, gulak gilek hareupeun eunteung, nurutan model, gumeulis
“Euhh geuning kuring
téh siga Syahrini!” manéhna muji sorangan
“Nyai! Eur naon éta?”
bapana nanya
“Euh saé teu pak?” si
nyai lalah malik nanya
“Saé naon siga ceukay!”
bapana ngaléos
Si Nyai olohok mata
simeuteun, kutan siga ceukay?
5.
FIKMIN # Sakaratul Maut #
Kerejet anjeun ngerejet
siga nu reuwas padahal keur tibra, kuring
milu reuwas,
“Pa, kunaon? Laa ilaaha
illallohhh!” kuring ngaharewos,
Hrokk, anjeun nyegrok,
ngalieuk ka katuhu, tuluy beunta sakedap,
Kuring ukur olohok,
“Laailaa ha illalohh”
anjeun ngaharéwos, les taya deui sora, ngan éta nu ku anjeun dikedalkeun
Taya deui kecap “ I
love You” sumawonna “ I miss You “ mah,
Mun bisa mah kuring
nyarita ka Izrail, anjeun tong waka dibawa, kuring sono kénéh!
6.
SAEMBARA # Romadon pamungkas #
“Mah, ngolek téh tong
amis teuing atuh!”
“Mah, tos sabara kali
khatam Qur’an?”
“Mah, tos siap
mudikna?”
“Mah, tong mésér acuk
waé atuh bosen!”
Naha ku
bawél-bawél teuing nya teu cara sasari,
biasana gé cicingeun salaki téh!
Asa aranéh karasana,
Ayeuna kuring karék
sadar, harita téh Romadon pamungkas keur anjeun mah!
Romadon ayeuna kuring
nyorangan, ngan cimata nu maturan katrésna.
7.
FIKMIN #Nu Balanja peuting-peuting#
Tok tok tok! Sora nu
keketrok kana panto, buru-buru kukuring dibuka, karunya bisi nu rék meuli béas,
keun waé geus peuting gé, da teu téga mun ningali batur wayah kieu can nyangu
mah.
“Mangga badé mésér
béas?” cekéng bari muka panto, lalaki nu ngajega hareupen panto ukur unggeuk,
teu lila ngasongkeun duit tujuh rébu, salétereun. Gura-giru béas diwadahan kana
kantong kérésék hideung, manéhna nampanan, leungeunna karasa nyeuceup tiis.
Geus dibéré téh naha
bet teu buru-buru ingkah kalah terus ngajanteng, nu gélo kitu?, tapi beungeutna
asa-asa, manéhna terus tungkul, kuring nelek-nelek panasaran, buukna nu rada
panjang nutupan bengeutna nu pias, janggot jeung kumisna teu kaurus,
“Néng tos hilap ka
akang?” sorana haroshos, angin ngagelebug, hawa peuting beuki tiis nyecep jeung
matak keueung,
“Akang saha?” teu
ngajawab, ngan terus wé ngajanteng, rék dititah asup ka jero téh sieun jalma
jahat.
“Argg!!” kuring
ngoréjat, kutan ngan saukur ngimpi?! Hampura kang, ayeuna téh malem juma’ah,
kuring poho teu maca Yasin keur anjeun.
8.
Fikmin
# Sukma 1 #
Isuk-isuk
Sukma geus ngaliwat hareupun imah, sabot kuring keur nyapukeun runtah.
“Badé
kamana geulis?” kuring nanya, Sukma ngan ukur kerung, leungeunna rébo ku
babawaan
“Badé
ka bumi mamah Euis, mamah Tina mah galak!” pokna terus tungkul, sérédét haté
nyérédét, tatangkalan siga nu ngajebian. Luk tungkul, panon karasa baseuh,
inget kana dosa kuring basa keur bobogohan jeung Tina.
“Om,
badé nganteur?” Sukma ngagebah kuring nu kalah ngalamun,
“éhh
hayu!” giak, ku kuirng budak téh dipangku,
“Naha
mamah Tina maké galak?” kuring nanya, Sukma kalah rambisak,
“Da
saur mamah Tina gé Sukma mah sanés putra pa Barna, tapi putra nu gélo” reg
kuring ngarandeg, haté ngahéab,
“Enya
kitu Om?” budak terus norowéco, kuring beuki ngabigeu, bingung teuing kudu
kumaha ngajawabna,
‘Deueuh
teuing geulis, hampura bapa!’ haté kuring galécok, bari terus leumpang muru
imah Barna lanceuk kuring nu geus daék ngawin Tina baheula basa kuring kudu
dines ka luar Jawa.
9.
Fikmin # Sukma 2 #
Kuring ngan ukur
ngeluk, basa kang Barna datang jeung Euis pamajikanana, sakedapan mah imah
ngadadak simpé,
“Cép,
kumaha sanggup kawin ka néng Tina?” tanya kang Barna,
“Enya karunya budak
atuh, Cép!” téh Euis mairan, kuring beuki ngeluk, ras inget ka Tina, indungna
Sukma, tapi da Sukma mah leuwih montél
ka uwana, nu jadi bapa angkatna,
“Om, punya istri atuh
siga Papap!” Sukma nyeletuk, siga nu ngarti kana obrolan kolot, padahal umurna
karek lima taun
“Tuh nya budak gé
ngartieun, naha cenah si Om teu kawin waé” kang Brana ngahéhéh, kuirng ukur
seuri konéng,
“Hayu mun érék ku akang
dianteur ayeuna” kang Barna maksa, antukna mah kuring nuturkeun kang Barna
jeung teh Euis kana mobilna,
***
“Teu sudi najis teuing
siah kudu kawin ka jalma teu gableg cédo!” Neng Tina poporongos bari ngabanting
panto, serrr kuring dumadakan paranas tiris,
‘Hampura
geulis!’ Sukma nu ngagoak buru-buru dipangku.
10.
Fikmin # Sukma 3#
“Om! Om! Sora Sukma
ngageroan tiluar panto hareup, bari leungeunna terus keketrok, rusuh!
“Aya naon geulis?”
buru-buru panto dibukakeun, bréh Sukma nu beuki geulis ngelol bari rambisak,
tuluy ngagabrug,
umurna geus dua
puluh lima taun, saminggu deui rek laki
rabi jeung urang Bandung.
“Papap Om!, Papap! “
Sukma kalah terus ngaleketey,
***
Di rohangan tamu kang
Barna keur pada ngagulung, ngalenggerek teu nyawaan, téh Euis rambisak bari
nyuuh na lahunan, Tina ogé aya hareupeun Sukma,
Sacewir keretas
diasongkeun ku téh Euis, surat wasiat keur kuring, buru-buru dibaca na jero
haté
“Cép, wayahna anjeun
kudu daék jadi wali Sukma, uing geus
kuat bisi pondok umur! Omat nitip
Euis, baheula kuring daék ngawin Tina, ayeuna gé manéh judu daék ngawin Euis!”
Surat terus dipencrong
bari dibaca sababaraha balikan, Tina mencrong ti kajauhan teuteupna siga nu
meréan ayeuna mah, haté kuring marojéngja,
‘Hampura wé Tina!
Bongan anjeun make cua!’
11. Fikmin
# Hiji-hiji! #
“Akang!!
Asup!” paribasa si Néni mah, mun kuring ngaliwat ka hareupeun imah manéhna, sok
ngagorowok nitah salakina asup ka jero,
‘Duh
gusti abong kuring rangda teu boga, naa kasieunan teh meuni kacida Néni!”, haté
kuring asa digeurihan ku hinis,
Néni
kacida bogohna ka salakina, meuni kasieunan salakina kabéngbat ku awéwé séjén,
komo ku rangda model kuring, padahal dina dedeg
mah jauh pisan jeung jenatna, ngan pédah kang Udin mah jalma réa dunya.
“Matak
gé atuh boga salaki téh diurus sina tong geringan méh panjang umur!” sora Néni
meuni nongtoréng hareupeun kuring basa kuring balanja di warung ceu Atik, nu
lain ting kecewis,
Lain
ngan sakali Néni ngahina jeung nyindiran kuring pédah kuring ditinggalkeun maot
ku salaki, tapi saha nu hayang jadi
rangda? Ieu mah geus waktuna wé, kuring ngan bisa ngadunga kanu kawasa
Isuk-isuk
ibur salelembur, kang Udin maot tabrakan bari nangkeup awéwé bahenol
‘Hiji-hiji
nya, Nén!’ cekéng na jero haté.
12.
Fikmin # Cau #
Cau Siem nu meunang
ngala sababaraha poé katukang masih kénéh ngajugrug dina luhur méja, cau
sasikat téh can aya saurang gé nu noél, kulitna geus coklat kolot, dagingna
geus ladu, kabayang rasana pasti amis pisan, kodongkang kuring nyokot hiji,
karék gé rék am, aya nu ngadéhém ti jero kamer,
“Lain
cau téh keur bapa, Mah?” pokna, kakarék kadengé deui sora salaki nu geus lila
tara patanya,
“Naha
atuh teu dituang waé, geus ampir buruk cauna gé” belewek cau sasiki
dibelewekeun kabéh, amis ngageleser maseuhan tikoro nu hanaang, gap kana cai
entéh nu keur meujeuhna rumegot,
“Salah
saha? Da Mamah gé geus tara maliré cau nu bapa!” pokna siga nu ambek,
“Naha
maké nyalahkeun uing? Mojoh wé ku bapa sok dibikeun wae ka si Tuti, nya uing
mah embung kagabéan waé sésa!!” Kuring sarua ambek,
Belewer
sésa cau dialungkeun kana wadah runtah, perang dingin pasti beuki ngalilaan.
13. Fikmin
# Dokter Is #
Haté
teu puguh rasa basa nampanan kérésék gedé, eusina rupa-rupa kadaharan barudak
jeung buah-buahan, “Kangge murangkalih teh!” kitu basana téh, bari émut
ngagelenyu,“Hatur nuhun pa dokter!” kuring ngan ukur nganuhunkeun
Dokter
Is téh nu baheula mariksa salaki basa jenatna kaserang kasawat jantung nepika
maotna di RSUD, nya manéhna pisan nu nyangkéh kuring basa kuring pingsan ogé.
Ti
harita, dokter Is sok ngiriman ésémés nanyakeun kayaan barudak, terus
neleponan, tuluy remen datang ka imah.
Hapé
ngageter, ditingali aya ésémés ti pa dokter,
“Téh,
kersa teu janten bojo abdi?” kuring ngagebeg, maenya aya dokter kasép tur soléh
daeukeun ka rangda busil siga kuring? Asa teu percaya! Teu lila hapé ngageter
deui,
“Téh
emut teu ka abdi réréncangan basa nuju di SMP, abdi Ismail!” kabayang ayeuna
saha dokter Is teh, wajahna keur di SMP narémbongan dina kongkolak panon,
kuring ngabelenyéh, ayeuna mah haté kuring nu ngageter, dunya dumadakan jadi
lega.
14. Fikmin
# Anjeun #
Anjeun
pisan nu jadi saksi, dina hiji peuting nu pinuh ku kabungah jeung seungit
malati. Paduduaan pogot ngaleupaskeun kasono nu geus lila dipahing kusabab acan
halal. Anjeun ngan saukur ngarekét,siga nu milu atoh jeung bagja.
Anjuen
oge nu geus jadi saksi, gubragna jalma-jalma anyar ka alam dunya, anjeun ngan
ukur ngarekét teu loba carita.
Sabaraha
taun kaliwat anjeun ge nyaksian, nu ting harewos di unggal peuting, atawa nu
nyakakak bari silih keukeupan kebek ku kabungah pédah meunang rijki nu leuwih
loba, anjeun gé milu atoh, rerekétan taya eureunna.
Anjuen
ogé remen nyaksian, nu silih tonggongan pabaeud-baeud teu patanya nepika tilu
poéna, tapi antukna silih rampa silih mikaasih sanggeus pacantel deui, jangji
satia satuhu silih jagaan mungguh sawarga Alloh nu diudagna.
Anjeun
nu dibeli ku kuring make duit saharga
sajuta pérak geus jadi saksi, nepika ayeuna pisan, masih nyaksian nyurucudna
cimata kuring unggal peuting.
15. Fikmin
# Konci #
“Dén,
manéh mah pagawé anyar geus dipercaya ku ibu direktur euy!” ceuk Anton
ngaharéwos sirik, konci imah bu direktur dikeupeul pageuh, si Ibu amanat ka
kuring titah nungguan imahna peuting engké, “ Ibu rék néang heula si bapa ka
Jakarta” kitu pokna téh, kuring unggeuk bari teu ngarti, “Naha teu nitah pagawé
heubeul?”
Hareupeun
imahna kuring ngajanteng, inget kana papagon pa Ustad Engkus di pangajian, “Teu
meunang asup ka imah batur kacuali: imah kolot,lanceuk, adi, alo, uwa,bibi,
jeung réa-réa deui, atawa lamun dititah asup jeung dibéré injeum koncina,
saméméh asup tong poho uluk salam”
“Assalamu’alaikum”
pok téh lalaunan, mun ditarikeun gé moal aya nu ngajawab da pasti longsong.
Trek! Konci diputerkeun, bray pantona muka, kuring ngajenghok, tuur ngadadak nyorodcod,
jantung ngageder, leuleus asa dipupul bayu, dina luhur sofa nu boga imah keur
saré teu make baju. “Anton hanjakal kuring teu ngajak ilaing!” les kuring
kapiuhan.
saya gak paham artinya, Mak hu hu hu
BalasHapushehehe, adeuhh maaf ntar saya ajarin deh!
Hapus