Daftar Isi

Rabu, 26 Februari 2014

Cianjur Kiwari Ceuk Kuring



Nu katelah heurin ku tangtung di lingkung gunung teh ayeuna mah lain Bandung hungkul geuning, tapi Cianjur ogé.
 
Cianjur Hypermart

Waktu pindah deui ka Cianjur taun 2012, ningali Cianjur téh asa arahéng asa aranéh, teu siga baheula basa kuring keur leutik. Dimana-mana macét, dimana-mana runtah, dimana-mana PKL.

Gedong-gedong jlug jleg di sakuliah Cianjur, boh keur sakolaan atawa perkantoran, nya kitu deui paimahan moderen nu ngeusiannana lain urang sunda hungkul, basa sapopoé gé geus campur aduk antara basa sunda, basa Indonesia jeung basa daérah séjénna.

Sawah katut kebon jeung tegalan tempat arulin barudak geus taya nu nyésa, aya ogé di pasisian, di kota mah mun hayang méngbal oge hésé kudu milu maén di lapang Badak Putih atawa di tempat maén futsal anu kudu mayar téa.
 
Senam di acara Car Free Day
Hahargaan di kota béda pisan jeung di kampung, di kota mah mun meuli gas atawa barang pabrikan séjénna murah, tapi di kampung mah mahal, gas nu ukuran tilu kilo di kota paling mahal dalapan welas rewu, di kampung bisa nepika tilu puluh rewu.

Tapi harga béas jeung tuangeun séjenna di kota mahal, di kampung sabalikna murah. Harga béas di kampung mun keur panén bisa dalapan réwu sakilo éta gé nu alus kualitasna, di kota bisa nepika salapan rewu opat ratus pérak sakilona, nya kitu deui jagong amis nu tos diasakan, di kampung mah ngan saukur limaratus nepika saréwu rupiah hargana, di kota mah saréwu lima ratus hijina téh.

Tapi da gusti Alloh mah teu éwuheun, rizki geus diatur, saadil-adilna, di kota gampang néangan rizki, tapi sagala mahal, di kampung sabalikna.

Pabrik garment nu baheula ngan aya di kota nu gédé siga Bandung jeung Jakarta ayeuna parindah atawa loba nu muka cabang di Cianjur gé, disisi lain nguntungkeun masyarakat nu néangan gawé, disisi lain nambahan polusi, jeung rupa-rupa masalah sosial lianna.
 
Salah sahiji PKL
Cianjur kiwari ceuk kuring, beuki heurin beuki hésé usik, eungap jeung panas teu siga baheula nu adem tengtrem tur éndah, matak betah, kontrakkan beuki réa da réa ogé nu butuheun, jelema beuki réa nya masalah sosial gé beuki nambahan.
Masjid Ta'awun di Puncak
Cai Mancur di Taman Bunga Nusantara
PKL di Cibodas 

Tempat pariwisata gé loba nu matak pikabetaheun, turis asing réa nu ngajugjug, pangpangna mah pédah deukeut jeung Puncak, mun baheula kuring keur leutik tuirs téh réréana nu barule atawa saripit ayeuna mah lolobana beungeut Arab, turis ti Timur Tengah baretaheun ngalanto kadieu, cenah mah loba ogé nu kawin ka urang dieu.

 Cag ah sakieu heula!

10 komentar:

  1. Tos lami pisan abdi teu ka Cianjur.
    Rupina perobihan siga kitu henteu ngan di Cianjur wae da di lembur abdi, Bogor, oge kitu. Mugi seueur keneh nu nganggo basa Sunda.
    Sae pisan postinganna, Mak! Jempol.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Muhun leres pisan, minggon kamari abdi ka Bogor sami geuning seueur robihna, nuhun teh Dina!

      Hapus
  2. Sae pisan, Ceuceu. Duh matak isin, abdi mah urang sunda tapi teu tiasa nyerat sunda... :D

    BalasHapus
    Balasan
    1. Hayu atuh teh Nia geura nyerat ku basa Sunda!

      Hapus
  3. Balasan
    1. ini basa sunda bang Ione! hehehe selmat bingung!

      Hapus
  4. Abdi mah tacan kantos ka Cianjur..tapi rerencangan mah aya urang ditu. Emut Cianjur teh Janten emut beas hehe.
    Sae mak tulisannana..Bari ngalancarkeun deui basa sunda

    BalasHapus
    Balasan
    1. Hatur nuhun teh Kania, hayu amengan ka Cianjur!

      Hapus
  5. Balasan
    1. hahaha mba Ida, saya juga engga ngerti basa daerah lain!

      Hapus